sendal Ao ical

Sendal

Basa harita teh keur bulan puasa. Kuring karék balik ti pamancingan di lebak jam tilu leuwih saparapat. Kuring asup ka imah bari susulumputan, sieun dicarekan ku ema jeung bapa da karék datang jam sakieu bisi marukanana rék bolos ngaji. Ké téh cenah ‘Sia mah bulan puasa téh lainna ngaji, ibadah cing bener, ngadon nguseup wéh jeung ngalaan berenyit!’. Tah, mun geus kitu mah pileuleuyan wéh ka duit jajan saminggueun. Tapi atuh da kumaha, si Ohun ngajakan waé nguseup bari jeung useupna kudu ngoér-ngoér sawah Haji Suman heula. Sangkilang indit ti imah jam sapuluhan, angger gening balikna mah teu beubeunangan. Can bieu téh kanyahoan ku buburuh tanina Haji Suman, Mang Umin. Atuh apan cacing nu geus meunang ngalaan loba teh jol weh ditinggalkeun da langsung ngabirit lumpat, kasieunan ku Mang Umin nu ngungudag bari ngacungkeun arit. Mereun marukanna rek ngadudutan paré deui jiga basa éta matak mamawa arit gé.

Untungna di imah jigana euweuh sasaha. Kuring jongjon wéh leumpang rék ka kamar, niatna rék terus saré nepi ka magrib. Ngan pas kuring rék abus ka kamar, gap téh leungeun aya nu néwak.

“Pék sia, Ao! Kanyahoan sia jam sakieu karék balik! Buru gera mandi tuluy indit ka mesjid!” geningan si ema téh aya di imah. Kuring unggeuk wéh satengah kapaksa bari ngajugjug ka cai, tungkul jiga hayam muyung.

Saenggeus mandi, kuring gera maké baju koko warna biru meunang meuli lebaran kamari. Buuk disisiran cing rapih méh katinggali kasépna bari lunggak-lenggek di hareupeun eunteung.

“Enggeus tong loba nyisiran, engké gé éta buuk ditutupan ku kopéah.” Téh Dona nolol tina panto kamar bari seuri.

“Baé atuh. Da kuring gé hayang kasép jiga kabogoh tétéh, si a Jojong.” Kuring nyéréngéh bari ngelél ka manéhna dina eunteung. Téh Dona murunggut bari les indit deui.

Kuring menerkeun sarung anu ngabeulit dina cangkéng saencan maké kopéah bodas paméré Haji Ipin. Kuring nyéréngéh ninggali kalangkang dina eunteung nu kawas budak SUJU –boybén karesep teh Dona ti Koréa- dikopéahan. Tinggal nyemprotkeun minyak seungit meunang meuli kamari, ambéh teu bau pan érék ngadeukeutan si Onah.

Saenggeus bérés, kuring nyolendangkeun kantong nu eusina Quran dina taktak. Kaluar wéh ti kamar, ninggali téh Dona nu keur nikmat ngopi goréng cau haneut, meunang ngagoreng sorangan.

“Tah, Ao, cau. Hayang mbung?” teh Dona nyodorkeun piringna ka hareupeun kuring. Bari neureuy ciduh, kuring unggeuk.

“Tapi mun hayang kudu didahar ayeuna. Da engké mah pasti geus béak.” Si tétéh tuluy neruskeun ngadahar cauna deui. Kasebeleun! Abong-abong awéwé jadi bisa teu puasa!

“emaa~!! Si tétéhnaa!!!” kuring ngajorowok tarik. Jol téh ema datang.

“Do atuh! Tong ngaheureuyan si Ao waé! Geus nyaho adi sia téh teu payaan.” Kuring ngikik seuri ninggali si tétéh dicarékan. “ari manéh, buru indit ngaji! Bisi diceprét deui gera ku Pa Ustad.” Ema ngingeutkeun. Kuring gera-gera indit saenggeus nyium tangan ema jeung tétéh da bapa mah aya di kamar, nuju kulem meureun.

=-=-=-=-=-=-=-=-=-=-=-=

“Tah, jadi barudak, mun keur puasa kieu téh teu meunang nu ngarana dahar, nginum, jeung totoélan jeung nu lain muhrim. Sabab engké bisi aya setan ngaliwat tuluy ngagoda. Pék, omat nya! Silih ngingetkeun mun aya babaturan atawa kulawarga nu ngalanggar.” Kabéh budak arunggeuk ngadéngé pangajaran ti Ustad Cécén. Ah atuh bulan puasa téh teu meunang ngadekeutan si Onah? Aih, kudu ngadagoan saminggu deui ieu mah.

“Pek barudak, ayeuna maca solawat tuluy baralik wéh. Sakeudeung deui geus rék buka.” Ngadéngé titah ti Ustad, barudak langsung maca solawat tuluy ngucapkeun salam saencan ngaburudul kalaluar ti mesjid jiga berenyit. Kuring mah ngadagoan wéh heula méh teu pinuh da sok jadi katincakan. Saenggeus rada kosong, kuring kaluar ti mesjid ngan ngahuleng cicing, néangan sendal.

“Na sendal uing kamana?” kuring kokolotrak hareupeun mesjid, néangan sendal capit beureum gambar panda.

“Éh, Ao. Kunaon?” kuring tanggah ngadéngé sora merdu nu ngalantun jiga sarébu malékat ngaharéwos. Asa sérab ninggali raray ayuna si Onah, nepi ka nu kasawang ngan bodas. Oh, geningan manéhna maké mukena. Kuring ninggali leuwih luhur, katémbong weh rarayna si Onah nu geulis jiga artis Koréa dina poster di kamar téh Dona.

“Éh ... Onah. Ieu, sendal abdi leungit.”

“Ah, karunya. Sendalna nu kumaha? Ku abdi bantuan nya!”

“Sendalna beureum, aya pandaan.” Kuring nyarita. Langsung wéh kuring jeung si néng Onah néangan sabudereun mesjid. Geus lila néangan, éta sendal teu kapanggih waé.

“Tos wéh lah. Bisi kaburu magrib.” Bari murungut, kuring nitah si Onah balik.

“Ih, tapi pan sendalna can kapendak.”

“wios wéh. Tiasa mésér deui da.” Kuring nyengir satengah kapaksa. Aduh, puasa kuring batal teu nya? Pan kuring téh ngabohong da puguh moal meunangeun meuli deui ku si ema. Puguh kuring teh bogoh pisan ka éta sendal.

“Nya entos atuh. Abdi uih heula nya!” si Onah ngadekeutan tuluy nepak taktak kuring. Puguh kuring jeung si Onah téh jadi deukeut pisan. Muriding awak téh jiga disetrum, teu paruguh rarasaan. Naha rarasaan naon ieu teh? Kuring tuluy inget nu diomongkeun ku ustad Cécén pas ngaji tadi. Apan cenah teu meunang deudeukeutan keur saum téh! Kuring geuwat ngalengkah mundur bari istigfar dina haté. Si Onah anéheun meureun da tarangna kerung. Tuluy manéhna indit wéh saenggeus ngadadahan. Kuring nikreuh balik ka imah nyékér, teu disendal.

“Naha Ao, sendal manéh kamana?” si tétéh nanya saenggeus némbalan salam, ninggali kuring balik nyékér.

“Sendal Ao leungit. Aya nu maok pas di mesjid.” Kuring némbalan bari jol asup ka imah, diuk di korsi hareupeun méja makan. Tajil geus siap di luhur méja jeung caina. Ema keur masak dengeunna sangu. Bapa mah keur nonton tipi, ngadagoan adzan.

“Aduh, karunya. Mangkaning éta téh sendal kameumeut deuih.” Si tétéh moyokan bari gap ngopi bala-bala. Ku kuring di polototan, manéhna ngan nyéréngéh bari ngahaja daharna dicéplakeun.

“Enggeus atuh, Don. Tong dipoyokan waé. Tinggali tah, geus rek cirambay kitu.” Jol ayeuna si Ema pipilueun. Sugan téh rék ngabelaan ari pék ngur miluan moyokan jiga si tétéh.

“Ih, éta gera si Ema mah! Di béjaan tong ngan sapotong mun nyauran téh. Siga nu ngaran abdi téh Dono.” Si tétéh murungut bari jol deui asup ka kamar. Pira ge ngaran meni kudu di protes. Kuring gé nu ngaranna saalus-alus Taopik digeroan Ao gé teu protés.

“Ema... kumaha atuh? Pan kuring téh teu boga sendal deui.” Kuring nunutur Ema ka dapur. Ema ngan ukur balem bari malikkeun goréngan dina katél.

“Ema atuh ema~ ke abdi teu bisa ulin ka luar. Éra ka si Onah. Engké téh cenah maenya kasép-kasép teu di sendal.” Kuring tuluy wéh ngomong nepi ka busaan tapi angger wéh si Ema teu ngawaleran.

Isukna, si Ohun nyampeur bari gogorowokan hareupeun imah. Cing atuh, ieu téh karék jam 5 isuk-isuk. Batur mah mereun keur sararé saenggeus saur.

“Ao!!! Hayu urang ka mesjid!” manéhna ngomong pas ninggali kuring di lawang panto.

“Heug. Dagoan sakeudeung. Urang rék nyokot kopéah jeung quran heula.” Léos weh kuring ka jero imah deui. Teu lila, kuring ka luar ti imah. Saenggeus salam ka ema jeung bapa, kuring jeung si Ohun nikreuh ka mesjid. Jalan ka mesjid téh kacida poékna jabaning sepi deuih. Nu kadéngé ngan sora sendalna si Ohun nu nepak taneuh.

“Eh, naha urang teu ngadéngé sora sendal manéh?” si Ohun nanyaan. “Alah sia! Boa boa...” manéhna nutupan baham bari panonna bolotot, siga nu kasieunan.

“Boa-boa naon?”

“Boa-boa manéh geus paéh nya? Jadi wéh ngalayang, teu napak.” Manéhna murungut saenggeus di takol sirahna ku kuring. Sugan téh naon boa ku kuring didéngékeun. Ari pék manéhna ngomong nu anéh-anéh.

“Sia mah ngomong téh kamana waé. Sendal urang leungit kamari basa di pangajian.” Kuring ngomong bari tungkul.

“Aya nu nyokot mereun. Maenya wéh sendal manéh bisa kabur sorangan.” Kuring ninggali si Ohun. Bener ogé. Mereun sendal kuring teh enya aya nu nyokot. “Manéh nyaho si Béki teu?”

“Béki saha?” Kuring ninggali bari kerung. Asa teu pernah ngadéngé ngaran éta.

“Itu. Adina si Encan. Nu baong téa gening.”

“Oh! Si Bedun?”

“Heueuh.”

“Naha ngarana ganti jadi Béki?”

“Méh alus cenah. Meh jiga bulé.”

“Bulé naon? Buladig heueuh.” Kuring jeung si Ohun barakatak nyeungseurikeun. Éta budak téh émang kasép. Sarua bodas jiga si Ohun ngan éta wéh, baongna kacida. Mun batur karék baralik tarawéhan, manéhna sok nagog di jalan poék deukeut mesjid duaan jeung lanceukna. Mun aya nu ngaliwat, peletok téh dialungan pepetasan. Kuring gé sakapeung mah sok pipilueun. Ngan basa éta wéh katéwak ku Mang Suha tuluy dicarékan bébéakan. Jadi wéh kuring kapok, teu wani sakali-kali deui.

“Kunaon kitu si Bedun?”

“Urang ngadéngé mah manéhna téh sok maokan sendal.” Si Ohun ngomong bari ngaharéwos.

“Ah maenya? Sanyaho urang mah, kolotna beunghar. Maenya meuli sendal waé teu mampuh.”

“Cenah mah manehna teh klépto. Sia nyaho klépto teu?” kuring nyiringit bari gideug.

“Naon éta téh?”

“Klépto téh jelema nu sok nyokotan barang batur. Ah, manéh mah nu kitu gé teu nyaho.” Si Ohun nyéréngéh seuri. Unggal ninggali manéhna seuri, sakapeung mah sok hayang nampiling.

“Éh, inget. Pan ceuk Ustad Cécén teu meunang suuzhan. Puasa manéh batal hayoh!” kuring moyokan bari nyengir.

“Lain suuzhan urang mah. Ngan bisi wéh. Da ngadéngé ti batur mah manéhna sok kitu.” Si Ohun teu narima disebut suuzhan. Manéhna baeud wéh sajajalan.

“Ah, manéh mah pundungan. Teu rame.” Kuring leumpang miheulaan manéhna. Di harepeun masjid, ditinggali téh aya si Ipan, si Uhan, jeung si Ulay keur ngawangkong.

“Euleuh gening, si Ao éta téh.” Si Ipan ngomong bari nyiwit si Ulay nu kasaréan di téras mesjid.

“Aduh ari sia nyeri!” si Ulay langsung ngoréjat hudang, ngadegongkeun si Ipan tuluy saré deui.

“Bray, naha manéh teu di sendal?” si Uhan nanya bari leumpang tuluy nangtung di gigireunana si Ohun di tukangeun kuring.

“Sendal urang leungit.”

“Sendal kameumeut manéh? Nu aya pandaan téa?” si Ipan jeung si Uhan reuwaseun. Si Ulay mah teu milu reuwas da puguh manéhna lulungu kénéh. Kuring unggeuk bari tungkul.

“Tapi sia, tadi urang ninggali si Béki maké sendal nu sarua jiga nu manéh.” Si Ipan ngomong. Kuring langsung ngarérét ka manéhna.

“Nu bener?”

“Heueuh. Mialoh tah.” Ceuk manéhna bari nyekel cepil.

“Mana si Bedunna ayeuna?”

“Itu tuh. Di beulah ditu di juru.” Si Ulay nunjuk ka tukangeun mesjid. Kuring ngawanikeun diri ngadatangan ka tukangeun mesjid. Diditu aya si Bedun keur cingogo bari ngoéran taneuh.

“Héh, manéh!” kuring ngageroan. Manéhna tuluy malik ka kuring.

“Naon?”

“Manéh nyokot sendal urang nya?” kuring langsung nanyakeun intina.

“Sendal manéh nu mana? Henteu!” manéhna jung nangtung bari ngadekeutan. Katinggali ku kuring manéhna maké sendal beureum nu kagedéan. Aya gambar pandaan deuih di tukangna.

“Éta sendal urang ih!” kuring nunjuk sendal nu keur dipaké manéhna. Si Bedun tungkul ninggalikeun sendal nu dipaké ku manéhna tuluy malik nyanghareupan kuring bari tanggah da puguh manéhna leuwih pendék.

“Naon da ieu mah sendal urang, dipangmeulikeun mamah!” Manéhna ngalawan bari morongos.

“Nuurang ih! Tuh tinggali, aya pandaan!” kuring ngajorowok, keukeuh yén éta sendal téh nu kuring.

“Ari manéh, nu boga sendal pandaan téh lain manéh hungkul!” pas éta, si Ipan, si Uhan jeung si Ohun datang réréongan bareng jeung si Ulay nu geus hudang.

“Kunaon, Ao? Teu ngaku si Bedun téh?” si Uhan torojol téh bari meulitkeun sarung dina awak méh katinggali jiga jéger.

“Heueuh. Teu ngaku manéh nya?” si Ohun pipilueun bari néké sirah si Bedun. Si Bedun tungkul wéh da puguh manéhna sieuneun dirempug ku nu jarangkung.

“Ngaku naon? Naha manéhna di titah ngaku?” si Ulay melongkeun bari gégétrét.

“Ari sia!” manéhna didegungkeun ku tiluan. “Apan si Bedun téh nyokot sendal urang!”

“Heueuh manéh téh! Sakitu karék bieu ku urang dibéjaan!” si Uhan ngadegungkeun sakali deui.

“Oh, heueuh. Poho. Bieu urang lulungu kénéh.” Manéhna nyéréngéh. “Ngaku sia! Manéh, kan, nu nyokot sendal si Ao?!” ayeuna si Ulay ngadegungkeun sirah si Bedun. Mun ditinggali asa karunya si Bedun téh. Beungeutna geus pikawatireun teu paruguh. Geus téréh ceurik.

“Lain ih! U..urang mah dipangmeulikeun ku mamah...” manéhna ngajawab bari iingsreukan, nyedotan lého nu satengah nolol ti jero irungna.

“Wadul sia mah!” si Uhan ngomong bari melak cangkeng tuluy ngadegungkeun si Bedun.

“Henteu! Béjakeun gera ka aa urang!” si Bedun ngomong bari cirambay.

“Jug ditu béjakeun ka aa maneh sok! Teu sieun urang mah da, teu sieun!” si Ipan nangtang popolontongan.

“Dagoan sia di dieu! Béjakeun ku urang!” si Bedun tuluy lumpat balik ka imah bari ceurik. Kuring jeung babaturan barakatak seuseurian.

“Éh kéheula. Kumaha mun heueuh si Bedun bébéja ka si Encan? Pan nyaho si Encan téh budak baong. Manéhna mah tukang gelut.” Si Ulay ngingetan bari panonna kasieunan.

“Baé wéh. Da si Ipan nu hayang gelutna gé.” Si Ohun noél si Ipan bari nyéréngéh.

“Kalem weh da moal bébéja budak éta mah. Yu ah, urang ka mesjid wéh. Bisi Ustad Cécénna kaburu datang.” Si Ipan ngomong bari miheulaan leumpang balik deui ka mesjid.

Pas saléngkah deui nepi ka téras mesjid, jol teh aya nu ngageroan ti tukang.

“Héh maranéh!” kuring jeung nu lain langsung ngabalik, manggihan si Encan nu keur melak cangkéng. Si Bedun nyumput di tukangeun si Encan pupurungkutan.

“Saha nu nyeurikan adi urang?!” kompak, kabéh babaturan narunjuk ka kuring, da puguh sieuneun ka si Encan. Sakapeung mah mun keur kaayaan kieu téh sok leungit éta titel ‘babaturan’ téh. Tibatan bonyok digebugan, mending numbalkeun hiji urang.

“Naon ih?! Menteu urang mah!” kuring nyanggah bari beungeut pias.

“Bener tah. Tadi si Ao nu nyarékan adi manéh. Ku urang geus di titah eureun téh hayoh wéh terus dicarékan.” Si Ohun nunjuk bari nyalahkeun. Duh, jelema ieu! Pék, ku urang moal meunang nginjeum useupan deui!

“Ah sia! Tadi manéh nu miheulaan néké sirah urang!” si Bedun nunjuk si Ohun bari pupurungut. Si Ohun beungeutna jadi pias. Geus mah pias tidituna jadi beuki pias.

“Heueuh! Tadi manéh nu néké! Bedun, manéh teu kunanaon?” si Uhan néké si Ohun tuluy nanya si Bedun. Si Bedun ngadelékkan tuluy ngajawab.

“Naon sia! Tadi manéh gé ngadegungkeun sirah urang! Tah A, tah! Si Uhan jeung si Ulay tadi ngedegungkeun sirah abdi tah!” si Bedun ngadukeun ka lanceukna. Puguh si Encan molototan ambek ka si Uhan jeung si Ulay. Nu duaan éta nereuy ciduh kasieunan da puguh manéhna ngalakukeun nu bieu disebutkeun.

“Manéh ngadegungkeun adi aing?!” si Encan geus siap rék ngajotos si Uhan jeung si Ulay. Untungna si Ipan gera ngahalangan.

“Geus, tong aambekan. Pan ieu téh bulan puasa. Teu meunang umbak-ambek kieu. Hampurakeun wéh.” Si Ipan ngomong bari nahan leungeun si Encan.

“Manéh ge sia tadi ngomong hayang ngagelutan aa urang!” si Bedun pra téh ngomong. Si Ipan nahan leungeun manéhna sorangan nu geus ateul hayang neunggeulan si Bedun.

“Sok atuh! Hayu urang gelut! Wani teu?” si Encan nangtang ka si Ipan. Si Ipan téa puguh da manéhna mah gedé omong hungkul. Aslina mah manéhna teu wani gelut jeung batur. Sieun beungeutna bonyok engke teu kasep deui cenah. Da manéhna mah jiga hayam sayur. Manéhna malahan sieun ka si Encan.

“Naon ih? Urang teu ngomong kitu!” si Ipan nyanggah bari gigideug.

“Ah! Bacot sia!” si Encan geus siap rék nonjok si Ipan tapi kaburu ditahan ku sorana Ustad Cécén.

“Euleuh euleuh barudak! Bulan puasa téh kalah garelut!” manéhna ngajéwéran cepil barudak hiji-hiji. Kuring jeung nu lian nyiringis. Nyeuri mah henteu ngan peureus.

“Kunaon garelut ieu téh?!” euweuh nu wani ngomong da sieun dicarékan ku Ustad Cécén. Urang gé cicing wéh da sieun disalahkeun. Puguh ieu téh salah urang ti mimiti.

Ustad Cécén melongkeun hiji-hiji tuluy ngabolototan si Ipan.

“Aya naon ieu téh?!”

Si Ipan bari tungkul ngajawab.

“Ieu, Pa. Sendalna si Ao ical. Kuring sareng babaturan téh yakin si Bedun nu nyandakna.” Manéhna ngajawab. Ngadéngé ngaran urang disebut, Ustad Cécén malik ngahareupan kuring.

“Bener, Ao? Sendal manéh leungit?” ustad Cécén nanya bari melongkeun. Kuring ngan unggeuk wéh da teu wani ngomong.

“Nu kumaha sendalna?” manéhna nanya deui.

“Anu beureum. Anu aya pandaan.” Ustad Cécén ngahuleng sakeudeung tuluy manéhna ngaluarkeun barang ti kérésék hideung.

“Nu ieu lain sendalna?” kuring ninggali ka handap, merhatikeun sendal anu nyampak di hareupeun. Enya éta téh sendal kuring! Ngan kumaha bisa aya di Ustad Cécén?

“Muhun, Ustad. Ieu sendal abdi! Naha bisa aya di Ustad?” Kuring kacida bungahna. Langsung wéh kuring maké sendal éta.

“Hampura, nya! Sugan teh ieu sendal teu aya nu ngabogaan. Dibawa wéh ku Ustad téh.” Ustad Cécén ngaku baru nyéréngéh. Mun lain ustad wéh, kuurang geus dihabek!

Kuring melong ka si Bedun jeung ka si Encan. Watir budak téh geus disalahkeun jeung ditékéan deuih padahal manéhna teu ngalakukeun salah.

Kuring ngadeukeutan si Bedun bari nyodorkeun leungeun.

“Hampura, nya! Sugan téh manéh nu nyokot.” Si Bedun melongkeun. Tapi ahirna manéhna nyalaman kuring.

“Heueuh atuh. Ngan tong sok kitu deui. Da kuring mah tara maok sendal. Paling maok kabogoh manéh.” Manéhna nyéréngéh seuri.

“Heueuh. Urang gé hampura, nya! Maén nyalahkeun manéh waé.” Si Ohun, si Ipan, si Uhan jeung si Ulay ge pada ngénta hampura ka si Bedun.

Ti saprak poé éta, kuring sok jadi éra sorangan mun papanggih jeung si Bedun atawa si Encan. Ti dinya kuring mendak yén urang téh teu meunang nyalahkeun batur mun euweuh buktina. Untung wéh si Encan jeung si Bedun teu bébéja ka si ema. Mun ema nyaho, kuring moal meunang ulin deui saumur-umur.

Like this story? Give it an Upvote!
Thank you!

Comments

You must be logged in to comment
applelays #1
Chapter 1: versi bahasanya ada ngga :(
deedee48
#2
Chapter 1: Ampun, bodor banget. Gilaaaa~ Walaupun bukan orang Sunda dan cuma ngerti sedikit, tapi bikin ngakak. Haha bodor gila si Ao sampe kehilangan sendal XD
parkjaeni28693 #3
Chapter 1: hahahahaha huuuuu Bedun tukang ngaduuuu ihhhh xP
ni pikawatrireun si Bedun di ontrog
yeolish #4
Chapter 1: atulah naon tungtungna mah dipaok ku ustad cecen:-( watir eta si ao nyeker ka masjid. si bedun oge deuih bet bisa sarua sendalna jeung si ao, jadi weh garelut xD teh bikin lagi dong ff sundanya/? NGAHAHA
HeyAly
#5
Chapter 1: teteh! gak bisa baca teh~ aku bukan orang sunda TT_TT
DiarraCha #6
Chapter 1: adeuuuh eta si ujang Ao !!!
ujang Ohun mere nyaho inpo nu salah tah
ckckckckckckck
pikaseurieuuun !!! xD
cbs_Key #7
Chapter 1: kkkkk..
ngakak sumpah..
*bari nepak tarang*

Ao..Ao..matakna,,sendalna dikeukeupan geura,,meh teu aya nu ngangge..^^
haduuhh duo Encan sreng Beki sakti..
makhluk jararangkung ge eleh..

authornim daebak!!
:)
sharfeena #8
Chapter 1: AO HAHAHAHAHA TELETUBBIES SUGAN AO :))))) keren keren. Nepika nalipak aing haha gujobbbb!
sitinurkh #9
Chapter 1: G
Meng ad versi bhsa Indonesianya g thor....
cit___
#10
Chapter 1: ceritanya lucu wkwk tapi sayangnya banyak kata yang ga aku ngerti :( soalnya aku bukan orang sunda